Selasa, 23 Desember 2008

CIANJURAN

KAJIAN 
(Hj. Tuti Karman Somawidjaja) 

LARAS SARENG WANDA TEMBANG CIANJURAN

Visi sareng misi Tembang Cianjuran digambarkeun dina 3 Laras sareng 4 Wanda: 
1.   Laras Pelog
Mangrupa gambaran visi kajian hirup anu ditata dina 4 wanda (tahapan),  nyaeta:  
a.   Pantun 
Ngajugjugan hakekat diri dina kahirupan nemonan Nu Maha Nyipta, 
Mahluk ka Nu Maha Kholikna.  Ngajugjugan sajatining diri malar wawuh ka Pangeranna. “Man arofa nafsahu, faqod arofa Rabbahu”  (Lamun geus nyaho ka dirina, tangtu bakal nyaho ka Pangeranna). Tetempatan sorana disimpen dina sedongan rasa anu paling jero, mangrupi sora dasar dina tahap ka-1 (hiji).
b.   Jemplang 
Ngagambarkeun rencana-rencana jeung harepan pilakueun hirup, malar puguh nu dijugjug dina karidhoan Nu Maha Murah tur Asih.  Tetempatan sora dina tahap ka-2 (dua).
c.   Rancag
Tetempatan sora dina tahap ka-3 (tilu) anu eusina cumeluk, umajak hirup kumbuh jeung papada kawula, babarengan dina kahirupan anu luyu dina; “Rahmatan lil 'alamiin”.
d.   Degung
Tetempatan sora dina tahap ka-4 (opat), anu lantunan sorana bebas leupas nyawang adeg-adeg kaakbaran Nu Maha Agung anu kagungan cipta, dadamelan dina alam semesta anu tan wilangan sareng tan wangenan.
2.  Laras Sorog
Jiwa anu keur ngoteteng neangan jalan pikeun wawuh kadiri anu sajati, malar pendak sareng Nu Maha Nyiptana.  Tina laras pelog nyorog kana laras salendro, nyieun tetecean neangan hambalan geusan mukakeun lalangse diri.
3.  Laras Salendro
Jiwa anu parantos kabuka (Mukasyafah) kana kajian hirup, 
saperti nu kaunggel dina lagu Sebrakan Sapuratina.
Laras salendro cocok kanggo penembang anu fitrah (bakat) dina jiwa salendro. Penerapannana langkung umum didugikeun ku Dalang nuju ngawayang. 
Ibarat Maha Khalik ngatur mahlukna anu teu daya teu upaya. 
Paling henteu tiasa oge diterapkan dina pidangan Gending Karesmen, 
dina jiwa raja anu pinuh ku wibawa cumeluk ka rahayatna. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar