Selasa, 23 Desember 2008

TEHNIK TETEMPATAN SORA

Ngajugjugan jiwa lagu dina 3 laras sareng 4 wanda
 mamaos Cianjuran teh kedah kateuleuman 
ku tehnik tetempatan sora. 
Dina asuhan para Kasepuhan anu uninga 
kana sedongan-sedongan rasa, 
anu tiasa ngebrehkeun tetes jiwa laguna 
dina tatanan laras sareng wandana.  
Binaan anu kacida abotna 
upami teu disarengan ku kasabaran sareng kauletan, 
boh guruna  boh muridna. 
Kirang-kirangna mah 
seueur anu boboleh ditengah jalan.
Padahal tehnik tetempatan sora teh mangrupi 
binaan anu mutlak kedah kapendak 
kanggo ngahontal anu janten jugjugan 
seni mamaos ieu.  
Nyaeta milari kamurnian sora 
anu kaluar tina kamurnian jiwa anu nembangna.  
Bijil tina jati dirina, 
anu janten tujuan utama dina seni waris ieu, 
jalan kanggo panggih jeung dirina, 
pendak sareng Pangeranna. 


Sapertos dina ungkara nu kaunggel dina wangsit:

Sora teh titipan rasa
ari rasa bejana jatining kula
ari kula eta kaulaaneun

Rasaning rasana kula
rasa kula permana Allah
eta ayana dina kalemesan rasa
dina rasa anu sabiasa
dina rasa anu “dua”  tunggal sarasa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar